Selasa, 04 September 2012

MÉILING POÉ PROKLAMASI KAMERDÉKAAN

MÉILING POÉ PROKLAMASI KAMERDÉKAAN

Ibu guru anu kusim kuring dipihormat, sareng réréncangan nu kusim kuring dibanggakeun.

Assalamu’alaikum Wr.Wb.
Langkung ti payun mangga urang sami-sami nyanggakeun puji sukur ka Gusti Anu Maha Suci, sabab dina dinten ieu, urang tiasa riung mungpulung di ieu kelas.teu hilap solawat sinareng salam mugia salalmina ngocor ka Jungjunan urang sadayana Kangjeng Nabi Muhammad SAW. Oge ka para kulawargina, ka para sohabatna, kalayan pamugi aya leleberanana kanggo urang sadayana, anu ngagem ajaran Mantenna. Amin

Hadirin sadayana,
Dina biantara ieu sim kuring bade ngabantun jejer  “Proklamasi Kamerdékaan”. Indonésia merdéka sacara de facto ti 17 Agustus 1945. Ayeuna téh geus 67 taun urang sadayana merdéka, saenggeus kurang leuwih 350 taun dijajah ku Walanda jeung 3,5 taun ku Jepang. Baheula saenggeus
Ir. Soekarno macakeun proklamasi téh rakyat sorak mardéka dimana-mana, kusabab rakyat téh ngarasakeun kamerdékaan anu sasungguhna. Tapi ayeuna mah loba jalma di Indonesia nu teu nyaho kamerdékaan téh naon jeung teu ngarasakeunana. Hal ieu tiasa kajadian kusabab Indonésia merdéka ngan ukur status wungkul, kuduna mah disarengan jeung kasejahteraan rakyatna ogé, sarta loba rakyat Indonésia anu teu ngahargaan jasa pahlawan anu geus ngarélakeun nyawana pikeun jeung nagluarkeun saluruh tanaga pikeun ngarebut kamerdékan ti panjajah.

Aya hiji cara lamun ayeuna urang badé ngarasakeun arti kemerdékaan nu sasungguhna, yaéta urang téh kudu getol diajar, lantaran lamun getol diajar urang téh bakal jadi jalma pinter. Ari jalma pinter moal bisa dibobodo ku batur, jadi moal dijajah deui. Faktana téh,baheula anu jadi pahlawan pasti jalma pinter, lamun jalma bodo mah pasti nepi kaayeuna oge urang téh teu acan merdéka. Ameh leuwih ngarasakeun kamerdekaan, dina getol diajar kudu disarengan oge kusumanget 45,  sangkan urang téh tiasa jadi pahlawan bangsa satuluyna.

Atuh kukituna  ayeuna urang sorak “merdeka” sami-sami, sangkan jadi tanda bahwa urang téh geus merdeka! Mugia urang sadayana tiasa getol diajar, jeung jadi pahlawan bangsa.

Sakitu nu kusim kuring didugikeun mugia aya guna sareng mangpaatna kanggo urang sadayana. Pamungkas pihatur, hapunten bilih aya catur nu teu kaukur, aya basa anu teu kareka.
Urang teundeun di handeuleum sieum, urang tunda dihanjuang siang, cag....
Tutus langkung kepang halang, bobo sapanon carang sapakan.
Hapunteun bilih aya kelepatan. Bilahitaupik wal hidayah. Wassalamualaikum wr.wb

1 komentar: